Rabu, 18 Februari 2015

Perkawis #ReboNyunda

Sampurasun, sadayana. Di dieu abdi badé nyobaan nyerat nganggo basa Sunda. Apanan ieu teh dinten Rebo. Di daerah urang téh aya kampanyeu #ReboNyunda. Nu ngajak saréréa ngalestarikeun budaya Sunda. Nu pasti mah atuh diusahakeun mun nyarios make basa Sunda. Da hoyongna mah mun di media sosial ogé nyeratna make basa Sunda. Apanan arurang ieu teh diajar sasarengan, ai lepat mah teu sawios atuh da namina ogé pan diajar. Da abdi ge sabenerna mah teu acan saé-saé pisan lah nyarios make Basa Sunda teh. Abi mah pabaliut kénéh mana basa nu halus jeung nu kasar teh.

Da di Sunda mah, mun badé nyarios ka babaturan téh bénten deui mun nyarios ka saluhureun. Mun ka sahandapeun oge bénten. Conto alit wé, makan. Mun ka babaturan mah nyariosna teh 'dahar'. Mun ka saluhureun teh nyebatna 'tuang'. Mun ka sahandapeun, nyariosna teh 'emam'. Mun kanggo nyalira mah 'neda'. (Duh hampura nya mun lepat, émutan nya hehe.) Nu basa Sundana atos saé pisan mah nya kang +Arif Abdurahman sareng kang +Nur Ikhsan Azizudin. Mun badé tataros mah ka akang-akang nu disebat wé nya.

Salain nganggé basa Sunda, resepna teh da mun bari diajar kasenian Sunda. Tina musikna, tina tarianna, tina pupuna, duh da Sunda mah kumaha atuh, seeur pisan kaseniannana teh. Abdi mah jadi émut basa SD da poé Rebo teh aya pelajaran Angklung. Meni resep da abdi teh nyepeng kunci F, D sareng Am di angklung teh. Dipaenkeun ku sakelas saréréa, duh meni enakeun sorana teh. Lagu nu dipaenkeun ogé da macem-macem pisan. Jaba pas abdi ka SD basa reunian (Abdi na atos lulus, SMP) atuhlah lagu Katy Perry - Firework teh dipaenkeun nganggo angklung! Rame pisan teu sih :')

Sumber

Mun badé terang mah, abdi teh SDna di SD UPI Labschool Cibiru. Ah nu caket we ti bumi. SDna mung 5 taun, jadina ayeuna abdi 17 taun teh atos kuliah semester 2. Hehe.

Nu sanesna, urang sadaya ge bisa nganggo acuk khas Sunda. Da sabenerna mah acuk khas Sunda teh da sanes batik, nu sabenerna mah kabaya. Abdi sareng babaturan abdi basa minggon kamari teh nganggo acuk batik we biasa nu aya da ah, atuh batik mah naon we nu aya di bumi. Abdi mah nganggé nu mamah, hehehe.

Muhun da abdi mah kalahkah ngangge batik megamendung :(

Nah, dina poto nu di luhur kan abdi teh nganggo batik Megamendung. Eh pas terang téh da batik Megamendung mah sanes asli ti Sunda pisan, ti Cirebon. Saterang abdi mah Cirebon teh budayana Sunda sareng aya pangaruh ti Jawa. Apanan lain asli Sunda pisan. Nah, mung dinten ieu mah abdi nemu acuk kabaya, tapi sanes kabaya asli nu carang téa. Ieu mah kabaya nu atos dimodipikasi.

Hapunten ieu mah teu terang nuju dipoto, mung saé nya?

Duh komo deui ieu mah :')
Abdi teh make kabaya ieu da soalna mun dinten Rebo teh barudak sakola sareng guru-guruna ogé da make kabaya, asli kabaya pisan. Atuh ai mahasiswi maenya éléh ku sahandapeunnana? Arurang ge atuh kudu ngadukung kampanyeu #ReboNyunda ieu! Lestarikeun budaya nu arurang! 

Da mun atos diambil ku batur mah, arurang ogé da nu keuheul téh.

Detail baju nu abi anggo. Resep nya ih warnana teh saé!


Sadaya poto abdi dicandak ku Sarah Azzahra, di kampus abdi. Di mana hayoh saha nu bisa nebak? 
Eh punten nya da abdi teu nyandak mobil ka kampus. Ieu mah numpang dipoto waé mumpung rada sepi. Hayu atuh sasarengan urang lesatrikeun budaya Sunda! 
❤✌

10 komentar:

  1. *Nangis
    *Nggak tau Artinya
    *Walikotanya Keren :D

    BalasHapus
    Balasan
    1. Duh gimana ya, google translate belom ada Bahasa Sunda sih ya :'3
      Iya atuh keren banget! :D

      Hapus
  2. Ih Teteh (anggo curek-nya), meuni reueus pisan macana. Asa teu acan kantos aya blogger anu nyerat nganggo basa Sunda. Sae, mugia we nu maca salain urang Sunda tiasa ngartos, atuh teu ngartos sadayana ge, diajar sakeudik-sakeudik we. Hehe, sae (y)

    BalasHapus
    Balasan
    1. Duh apan Kang Arif sareng Kang Ihwan gé padahal mah parantos nyerat nganggo basa Sunda dina blogna :')
      Muhun ah diajar wé nya sakedik sakedik. Engké mah badé dicampur waé lah basa Indonesia, Inggris sareng Sunda supados sadayana ngartos :)

      Hapus
  3. Hadeeuuu... Aku sampe pake penerjemah nih temenku yang dari Bandung wkwkwk
    Wah, ini salah satu usaha untuk melestarikan bahasa daerah ya. Aku jadi mikir, apa perlu ya di Jawa Timur bikin pelestarian bahasa Jawa krama? :D

    BalasHapus
    Balasan
    1. Wah, niat banget Kak!
      *terharu*
      Iya, coba aja. Kalau misalnya budaya kita udah jatuh ke negara lain, ya kita sendiri juga yang sedih, kan :')

      Hapus
  4. Urang Sukabumi nu jarago basa Sunda mah tuh.
    Ari sim abdi mah sabenerna ngan gaduh kawani hungkul, basa Sundana sami masih pabaliut. Tapi ngarumasakeun nyerat weh.
    Posting #ReboNyunda minggon payun ngeunaan fesyen ah.

    BalasHapus
    Balasan
    1. Urang Tasik ge da mun nyarios teh lalemes, raresep. Mung nu caket pantai mah da rada kasar.
      Horee, hayu urang lestarikeun ah #ReboNyunda ieu, mun tiasa mah saminggon sakali, nya ^^

      Hapus
  5. Teteh kuliah di UIN Bandung gening. Salam kenal. Abdi ti jurusan Jurnalistik *saha nu naros* :D

    BalasHapus
    Balasan
    1. Waaaah salam kenal atuh abi mah budak PBI :D

      Hapus

Aku jarang balas komentar di sini, kalau mau jawaban yang fast response boleh DM ke Instagramku (atau twitter) di @safiranys ya!

COPYRIGHT © 2017 · SAFIRA NYS | THEME BY RUMAH ES